با
ب الاعراب
(Bab
mertelakeun I’rob)
الاعراب هو التتغيير اواخر الكلم
للاختلا ف العوامل الداخلة عليها لفظا او تقديرا
Maksudna: Ngaran I’rab numutkeun Versi
tauhid di dieu nyeta : Robah na
Tingkahna hate anu asup kana hate ku rupa-rupa سواردات (anu nyugak/ anu ngait ) sakapeng rupek (اراد
القبض ), sakapeung اراد البسط ( jembar hate ) tah ieu dua tingkah Teh anu
silih ganti aya dina hate ku parobahan
per puteran na, silih ganti beurang
jeung peuting (يتا عقب الليل والنهار ) tegesna
Ku Perobahan na waktu perputeran na Zaman ,
BAGIAN I’RAB
واقسامه اربعة رفع ونصب وخفض وجزم
Ari bagian I’rab eta aya
opat :
1..I’rob Rofa : رفع القدر والعز والجاه عند الله ( Tegesna Luhur Darajat Mulia Mungguh
Alloh )
Ari amil irob Rofa anu
ngaropakeun /nyababkeun luhur darajat nyeta :
- العلم بالله ( Elmu Jalan Ma’rifat ka Alloh ) - والعمل بالطاعته
( Nga- Afli kasikeun
/Mraktek keun ibadah to’at ka Alloh ) – وصحبته اهل العز
(Sosobatan ,Gaul
Ririungan silaturrahmi jeung ahli anu mulia ,(Mujalatuissholihinna anu
Saroleh
2.I’rob Nasab : نصب نفس للمجار الا قدار (Tegesna pancegna
/istiqomahna
Jiwa
/Hate pikeun berjalana na pamasti
/taqdir ti gusti Alloh anu
jadi maqom Ridho ,taslim (pasrah ka Alloh ) anu jadi
tingkahna
(Arifiin)
para ahli ma’rifat ka Alloh)
3.I’rob Hofadz : الدل والاهوان (Tegesna
Migawe hina , Nuturkeun hawa
nafsuari nu nyababkeunna nyaeta : والجهل ( kabodoan)وارتكاب المعاصى (Loba Migawe Ma’siyat )
4.I’rab jazmi : التصمم
والعزم ( Teu Galideur Jeung keuyeung kana
anu
dicita-cita) على السير والمجاهده
والمكايده (Dina Perjalananan
merangan
hawa nafsu jeung Ilal wusul ( kana ma’rifat ka Alloh
BABUL MA’RIFATIL ALAMATIL I’ROB
(Bab mertelakeun Ciri-Cirina
I’rab)
.CIRI I’ROB ROFA
للرفع اربع
علامة الضمة والواو والاف والنون
Ari Ciri I’rob Rofa eta aya opat ( Tegeusna Ciri Luhur darajat Para Muqorrobin disisi Alloh eta aya opat Cirina :
1.الضمة : ضم المريد الى الشيخ والصحبته والتعظيمه ومحبته ( Cirina luhur darajat teh nyeta
daek Kukumpulnana , Ririungan murid jeun
Guru ,Kiyai jeung
santri ,
Masyarakat jeung kiyaina jeung Ustadzna ,dina
ngaladenna
Hidzmahna simpatina,ngagungkeunna jeung cintana
والله ما افلح من افلح
الا بصبحة من افلح
(Demi
Alloh moal bagja jalma anu bagja iwal ku rerejeungan
jeung jalma
anu menang kabagjaan )
2. والواو : واو
الخاوية والحقيفة (Tegesna
Wau anu nuduhkeun
Kana
banget sono .cinta Fana dina haqeqat na Alloh swt anu )
anu dina
elmu tasauf disebut سكر
(Mabok ) maka pikeun
jalma
anu
hayang luhur darajat kudu Jadi Muridil Akhir (ngamaksud
Neja
Akherat ku perjalanan Tasauf ngambah Dina
Toreqat
3.والالف :
الف الوحده Alif dzat anu sahiji nya eta Dzat Alloh anu sahiji
Maka
pikeun jalma anu Hayang luhur darajat eta kudu nuju ka
dzat
anu sahiji kudu Mahabbah kana dzat anu sahiji cinta anu
sahiji Irodah ngarepkeun kana dzat anu sahiji
4.والنون : نون الا نا
ئية ( Nun bangsa Anaa ( انا ) Kaula ,Maka teu
menang
heunteu pikeun jalma anu hayang luhur darajat di sisi
Alloh kudu nyebut dzikir Dzat Ainul Musamma ( Anaa )Nyaeta
Alloh
S.w.t
2.CIRI I’ROB NASAB
للنصب
خمس علامة الفتحة والالف والكسرة والياء
وحد ف النون
Ari Ciri I’rob Nasab ( الرضى خمس علامة للنصب العبد نفسه
للمقادر فى مقام ) Tegesna ciri Kapancegan .ka Istiqomahan Abdina Alloh
kana taqdir kapastian ti alloh eta aya
lima :
1. الفتح : Kahiji
cirina Istiqomah teh الفتح tegesna فتح قلب لمعرفة الحق
( Mukana koncina Hate pikeun nganyahokeun anu
Haq nyeta zdat
Alloh swt) ]
فا
ن من عرف الحق رضى با حكا مه
“Maka saha jalma anu
nganyahokeun Ngama’rifatkeun kanu Haq
(Alloh ) maka manehna bakal Ridho kana pamasti Tinu
Haq”
Dina Kitab Hikam
: “
العاقل
ادا اصبح نظر ما يفعل الله والجاهل ادا
اصبح نظر ما يفعل بالنفسه
“ Hartina :
Jalma anu boga
Pamikiran ngomong: dina waktu subuh isuk-isuk :
Naon perkara anu
didameul ku alloh ? Tapi jalma bodo ngomong :
Naon anu dipgawe ku
dirina
2.
والالف : Kadua cirina nasab Teh Alif tegeusna الف
الوحده Alif anu
nuduhkeun ka dzat
anu sahiji nyaeta Alloh pikeun jalma Anu
Isitiqomah anu panceg manehna tara galideur فلا
يرى الا الى الله
Alloh atara rurat –reret ka sisika gigir Anging ningali merhatoskeun
kana dzat anu
sahiji dzat Alloh Al ahad
3.
والكسرة : Ciri Istiqomah dina
Ibadah ka Alloh nyeta : Kasroh tegesna الخض ع
( Depe-depe Ngarasa Hina Tawadhu dihadapan Alloh) ر
والسكون على مجا
رى الاقدار
( Jeung Anteung anteub
dina perjalanan taqdirna Alloh
4. والياء
: Cirina istiqomah الياء Teugeusna يقين التام (
yaqin anu
sampurna ) Haqul yaqin yen Gusti Alloh anu Haq
diibadahan di Ta’ati
sagala bentuk parentahan di jauhan sagala
larangan cegahan na
5.
وحدف النون Tegesna ngabuang نون الانائية Bangsa kaula (Ana ) supaya
kaluar Al Baqo (
langgeung ) Jalma anu tos Fana ka Alloh
Bakal ngucap :
Anaa ( Kaula ) salina
bakal ngucap Huwa ( هو )
CIRI I’ROB KHOFADH ( JEER )
للحفض
ثلاثة علامة الكسرة والياء والفتحة
Ari cirina I’rob jeer Khofdhul abdi ( Depe –depena
tawadhu’ Abdina Alloh eta aya
tilu :
1.الكسرة : Kahiji Kasroh Tegesna انكساره لربه دائما هيبة منه
(Narima
pecahna leuleusna hate Ka Gusti Alloh ku sabab Agung Alloh)
واجلالا له ولعباده تواضعا ( Jeung ngagungkeun ka Alloh
Jeung tawadho Handap Asor ka Hamba-hambana
Alloh )
2. والياء :Ya menang nyandak tina ياء
النسبة ( di subangsakeun ) kana Ya
الصوفيهة
) ya Anu hartina Bangsa ahli suffi .ciri jalma anu
tawadhu
sok ngajalankeun toreqat perjalanan Ahli
tasauf dina sagala tingkah
paripolah hirupna .
3 والفتحة
: Fatah .Tegesna مفتوحا عليه قد تحقق بفتح
الكبير ( Anu
bakal
ka buka ku eta jalma anu istiqomah
anu pasti kalawan kabuka
anu ka cida lebar jeung Agungna .
Sakumaha
katerangan kitab Hikam :
“ التوضع
الحقيق رما كان ساسا عن شهود عضمته
”( Ari tawadhu’ Anu sabenerna Nya
eta perkar
anu bijil tina realita Agungna Alloh Jeung narima pertela jelas na sipat
na Alloh Kaeta jalma anu tawadhu’ “ Wabillahi Attaufiq
CIRI I’ROB JAZM
وللجز م علا متان السكون والحد ف
Ari ciri I’rob jazm eta aya dua Tegesna ( للجزم
لمعرفة الحق ) Pikeun
ciri Teqad anu pasti ma’rifat ka
Alloh eta aya dua cirina :
1.السكون : Tegesna سكون القلب ( Ngabogaan Hate anu tenang jeung
tumaninah
teu galideur hatena Anteung manteung ka Alloh
. ينقظع
التوهم والخواتر والشكوك ( Putus
tina Sangka –sangka teu pasti
jeung kereteg Hate anu
ragu-ragu ka Alloh.
2.والحدف : Tegeusna ( حدف علائق القلب
) Miceun kana Pakuat -kaitna
hate kana salian ti Alloh .Maksudna :
ciri jalma anu tos Pasti
Ma’rifat
ka Alloh Eta sok miceun kana urusan anu sok ngarait
kana
hate tina anu mata
ngruksak marifat ka Alloh

Tidak ada komentar:
Posting Komentar